Makalah Bahasa Daerah | Sunda Jawa Barat | Macapat | Pendahuluan | Pengertian..!!

BAB I
BUBUKA

A. Kasang Tukang
Di jaman ayeuna kaayaan budaya di Indonesia khususna basa jawa, dirasa béki leungit. Barudak ayeuna téh katingalina teu bisa nembangkeun tembang macapat anu bener atawa népi ka bener dina pangajaran khususna pangajaran basa jawa.

Dina makalah ieu badé dipedarkeun perkawis hartina macapat jeung cara nembangkeun tembang macapat. Pangajaran basa jawa, perkawis “Tembang Macapat” éta téh kédah leuwih diperhatoskeun, supados tembang macapat teu leungit ku jaman.

Tembang macapat téh tembang anu penting kusabab tembang macapat eta téh salah kahiji kasustraan jawi anu badé leungit ku jaman. Kusabab éta makalah ieu nyieun pikeun masihan informasi perkawis guru wilangan, guru gatra jeung guru lagu.

B. Rumusan Masalah
1. Naon hartina macapat?
2. Naon sejarahna tembang macapat?
3. Naon waé watak jeung guna tembang macapat?
4. Kumaha guru wilangan, guru gatra, guru lagu tembang-tembang macapat éta?

C. Tujuan ngabahas
1. Améh apal harti tina macapat.
2. Améh apal sejarahna macapat.
3. Améh apal naon waé watak jeung kagunaan tembang macapat.
4. Améh apal guru wilangan, guru gatra, guru lagu tina tembang-tembang macapat.

BAB II
EUSI


A. Harti Macapat
Macapat nyaéta tembang atawa puisi tradisional Jawa. Unggal pada dina macapat miboga padalisan anu disebat gatra, jeung unggal gatra miboga guru wilangan, jeung dipungkas ku sora vocal anu disebat guru lagu. Biasana macapat dihartikeun mangrupa maca papat-papat (membaca empat-empat), nyaéta maksudna cara ngabaca tiap opat suku kata. Namung ieu sanes ngan hiji-hijina harti, penafsiran nu sejen ogé aya. Macapat diperkirakeun aya dipungkas Majapahit jeung dikawitan pengaruh Walisanga, namung hal ieu mung bisa disebatkeun kanggo kaayaan di Jawa Tengah. Kusabab di Jawa Timur jeung Bali atos dikenal saméméh datangna islam.

Puisi tradisional Jawa atawa tembang biasana di bagi kana tilu bagean nyaéta : tembang cilik,tembang tengahan jeung tembang gedé. Tembang gedhe mangrupa kakawin atawa puisi tradisional jawa kuno, namung dijaman mataram anyar, teu diterapkeun bedana antara suku kata anu panjang sareng pondok. Selain éta tembang tengahan ogé bisa ngarujuk kana kidung, puisi tradisional dalam bahasa jawa pertengahan.Mun dibandingkeun jeung kakawin, aturan-aturan dina macapat benten jeung leuwih gampang di terapkeun maké basa jawa kusabab benten sareng

B. Kaayaanna Tembang Macapat
Tembang macapat geus aya dina jaman majapahit, nanging sakalangkung. Tekar ngora tina sekar tengahan. Sekar macapat manurut Tedjohadisumarto Karipta aya éta Prabu Déwawasésa / Prabu Banjarsari Kala taun jawa 1191 atawa 1269 Maséhi.

Diantawisna sekar macapat jeung tengahan nya éta supados pantes. Ugerna sarua ( guru gatra, guru wilangan,guru lagu ) anu ngabedakeun name bahasana. Sekar tengahan make bahasa jawa tengahan, nya éta bahasa jawa tengahan, sedengkeun sekar macapat make bahasa jawa nu enggal. Dina sekar tengahan umumna cakupanna winasta kidung, matakna aya kidung durma, kidung sinom. Cakepanana kasebat sinerat aya dina kidung sundayana.

Macapat dihartikeun maca opat – opat kusabab cara macana unggal opat pada. Namung ieu lain hiji – hijina harti, aya nu lainna oge. Salain anu disebat di luhur harti liyanna lainna nya éta tembung –pat ngarujuk kana jumlah tanda diakritis ( sandhangan ) dina aksara jawa anu rélevan dina panembangan macapat.

Manurut Serat Mandawalagu anu dikarang ku Ranggawasita,macapat téh manrupa singkatan tina frasa maca-pat-lagu anu hartina nya éta nu “ngalagukeun sora ka opat”. Salain éta macapat lagu masih kénéh aya maca- sa-lagu, maca-ro-lagu, jeung maca-tri-lagu. Baheula maca salagu kalebet kelompok pangkolotna jeung diciptakeun ku para dewa jeung diturunkeun ka Pandita Walmiki jeung dilobakeun ku sang pujangga istana ti Kediri. Ayeuna maca salagu éta disebat tembang gedhé. Maca-ro lagu kalebet tembang gedhé nya éta jumlah bait per pupuh bisa kurang ti opat samentawis jumlah pada dina unggal bait henteu pasti sarua jeung anu diciptakeun ku Yogiswara.

Maca-tri kalebet kelompok tembang tengahan anu baheula diciptakeun ku Resi wiratmaka, Pandita istana janggala jeung disempurnakeun ku Pangeran Panji ino kartapati jeung saderekna. Akhirna macapat atawa tembang cilik diciptakeun ku Sunan Bonang jeung fiturunkeun ka kabeh wali.

C. Gunggungipun tembang macapat
Gunggungipun tembang macapat aya 11, nyaéta :
1. Mijil
2. Kinanthi
3. Sinom
4. Asmarandana
5. Dhandhanggula
6. Gambuh
7. Maskumambang
8. Durma
9. Pangkur
10. Megatruh
11. Pocung

D. Guru Gatra, Guru Lagu lan Guru Wilangan Tembang Macapat
  • 1. Mijil = 10i, 6o, 10e, 10i, 6i, 6u
  • 2. Kinanthi = 8u, 8i, 8a, 8i, 8a, 8i
  • 3. Sinom = 8a, 8i, 8a, 8i, 7i, 8u, 7a, 8i, 12a
  • 4. Asmaradana = 8i, 8a, 8e/o, 8a, 7a, 8u, 8a
  • 5. Dhandhanggula = 10i, 10a, 8e, 7u, 9i, 7a, 6u, 8a, 12i, 7a
  • 6. Maskumambang = 12i, 6a, 8i, 8a
  • 7. Durma = 12a, 7i, 6a, 7a, 8i, 5a, 7i
  • 8. angkur = 8a, 11i, 8u, 7a, 12u, 8a, 8i
  • 9. Gambuh = 7u, 10u, 12i, 8u, 8o
  • 10. Megatruh = 12u, 8i, 8u, 8i, 8o
  • 11. Pocung = 12u, 6a, 8i, 12a
Macapat disebat ogé tembang jawa asli, anu umumna digunakeun timana-mana. Urutanana nyaéta sapertos perilaku manungsa ti orok nepi ka maot. Uratanana tembang jawa nyaéta :

1.  Maskumambang
Ngajentrekeun janin anu di patuangan ibu. Anu téu acan terang jenis kelamina,paméget atawa istri. Lantaran hirupna masih kénéh di patuangan ibuna.

Apan kaya mangkono wewatek neki(12 i)
Sanadyan wong tuwa (6 a)
Yen duwe watek tan becik (8 i)
Miwah tindak tan prayoga (8 a)

2.Mijil
Medarkeun perkawis lahirna bayi anu tos pasti jenis kelaminna pameget atawa istri
Lan dimantep mring panggawe becik (10 i)
Lawan wekas ing ngong (6 o)
Aja kurang, iya panrimané (10 é)
Yen wis tinitah marang Hyang widhi (10 i)
Ing badan puniki (6 i)
Wus pepancen ipun (6 u)

3. Sinom
Dina basa jawa “kanoman” anu hartina ngora. Ngagambarkeun dina masa remaja anu éndah, pinuh ku harepan jeung angen-angen sareng milarian élmu pikeun ngawujudkeunana.
Nulada laku utama (8 a)
Tumrap ing wong tanah Jawi (8 i)
Wong Agung ing Ngeksi Ganda (8 a)
Panembahan senapati (8 i)
Kepati amarsudi (7 i)
Sudaning hawa lan nepsu(8 u)
Pinesu tapa brata (7 a)
Tanapi ing siyang ratri (8 i)
Amemangun karye naktya sing sasama (12 a)

4. Kinanthi
Tina kecap khanti ngandung harti dituntun supados bisa ngajalankeun kahuripan di dunya.
Dadiya laku nireku (8 u)
Cegah dhahar lawan guling (8 i)
Lawan aja sukan sukan (8 a)
Anganggowa sawatawis (8 i)
Ala wateke wong suko(8 o)
Nyuda prayitna ning batin(8i)

5. Asmarandana
Ngandung harti rasa trésna. Nyaéta trésna kalawan jénisna (pameget sareng istri jeung sabalikna) , sadayana téh tos dikodratkeun ku ilahi.
Aja turu soré kaki (8 i)
Ana Déwa nganglang jagad (8 a)
Nyangking bokor kencanané (8 é)
Isine donga tetulak (8 a)
Sandhang kelawan pangan (7 a)
Yaiku bagéyanipun (8 u)
wong melek sabar narima (8 a)

6. Gambuh
Tina kecap tepat, anu ngandung harti urang atos waktuna dipersatukan kanggé hirup babaréngan.
Sekar gambuh ping catur (7 u)
Kang cinatur polah kang kalantur (10 u)
Tanpa tutur katula-tula katali(12 u)
Kadaluwarso katutur (8 u)
Kapatuh pan dadi awon (8 o)

7. Dhandhanggula
Ngagambarkeun hirupna jélma nu keur bungah. Atos miboga kaluarga, budak, jeung hirup nyukupan jang kaluarga. Kusabab éta urang nu keur bungah bisa di sébat lagu dhandanggula.
Lamun sira anggeguru kaki (10 i)
Amiliha manungsa kang nyata (10 a)
Ingkang becik martabate(8é)
Sarta kang wruh ing hukum (7 u)
Kang ngibadah lan kang wirangi(9 i)
Sokur oleh wong tapa(7 a)
Ingkang wus amungkur (6 u)
Tan mikir paweweh ing lyan (8 a)
Iku pantes sira guranana kaki(12 i)
Sartane kawruhana(7 a)

8. Durma
Kecap durma tina kecap darma. Jalmi nu tos ngaraos hirupna cukup janten kédah numbuhkeun rasa kacinta ka sasami. Sapertos anu diajarkeun dina agama jeung kahirupan sosialna.
Wusnya tibeng bentala prabu Rahwana (12 a)
Pancasonane dadi (7 i)
Sirna tatu nira (6 a)
Tung tumpulih sedaya (7 a)
Nepak bau kradha angrik (8 i)
Ndedel ngawiyat (5 a)
Ngusir nanendra peksi (7 i)

9. Pangkur
Tembang pangkur biasana dianggé kanggé ngungkapkeun naon-naon anu sipatna keras, sapertos amarah. Sanajan tembang pangkur identik sareng nuansa héroik, tapi loba diantarana ngagambarkeun kamurkaan manungsa dipayuneun sang pencipta. Selain éta, syair-syair nu ditembang pangkur ogé ngagambarkeun manungsa kudu ngajaga sarta ngarawat lingkunganna.
Sekar Pangkur kang winarna (8 a)
lelabuhan kang kanggo wong aurip (11 i)
ala lan becik puniku (8 u)
prayoga kawruhana (7 a)
adat waton puniku dipun kadulu (12 u)
miwa ingkang tatakrama (8 a)
den kaesthi siyang ratri (8 i)

10. Megatruh
Tina kecap pegat nu ngandung harti pegat, jeung ruh nu ngandung harti roh. Janten, artina nyaéta papisah antara roh sareng jasad. Selain éta, jasadna tos megat trah nu hartina papisah sareng katurunana.
Na ra kena sinelak selak pineluk (12 u)
Mring kang ngadhang adhang sisip (8 i)
Yen loro anggepi reku (8 u)
Teman kether maring ngening (8 i)
Adoh kaelet tan adoh (8 o)

11. Pocung
Mun tos pupus kédah dibungkus mori bodas atawa dipocong saacan dikubur.
Ngelmu iku kelakone kanthi laku (12 u)
Lekase lawan kas (6 a)
Tegese kas nyantosani (8 i)
setya budya pangekesing dur angkara (12 a)

CARA NGAJARKEUN MACAPAT
  • 1. Di kelas I guru langsung masihan contoh nyanyi macapat, tuluy barudak dititah nurutan nyanyi sakalimat-sakalimat bebarengan, sangkan kabeh lagu tembang bisa dilagukeun ku barudak.
  • 2. Di kelas II guru ngenalkeun tembang anu di ajarkeun sareng di tulis dina papantulis, tuluy di nyanyikeun bebarengan
  • 3. Tuluy guru nerangkeun padalisan, guru gatra, guru wilangan, watak jeung makna tembang macapat nu diajarkeun
BAB III
PANUTUP

A. Kacindekan
Macapat nyaéta tembang tradisional ti tanah jawa. Macapat ogé aya ti kabudayaan Bali, Madura, jeung Sunda. Unggal bait macapat miboga pada lisan anu dusebat gatra, jeung unggal gatra miboga sajumlah pada anu disebat guru wilangan, jeung dipungkasi nganggo sora pamungkas anu disebat guru lagu. Biasana macapat dihartikeun maca opat – opat nya éta cara maca unggal pada. Anu kalebet tembang macapat nya éta mijil, kinanthi, sinom, asmarandhana, dhandanggula, gambuh, maskumambang, durma, pangkur, magatruh, jeung pocung.
DAFTAR PABUKON
Mugiarso, Indriasih Nesti,dkk. 2011. Panduan Belajar Siswa Bahasa Jawa. Cilacap : CV.Harapan Baru.

Pengunjung